Inget harita basa jaman olol lého, jaman tikotok dilebuan téa. Mun geus waktuna balik sakola, kuring mah sok tara loba kamamana, unggal-unggal gé sok langsung balik ka imah. Sakapeung mah balik ti sakola téh sok bari ngagugusur bal, pédah wéh kuring mah unggal isuk saacan asup kelas téh sok mengbal heula jeung barudak di lapang sakola anu sakurilingna pinuh ku tangkal bougenvile. Kabayang deui imah kuring nu baheula, sekat kamar gé lain ku témbok, tapi make harbot. Kamar cai téh baheula mah aya di hareup deukeut buruan, hareupeun kamar cai aya lahan saeutik biasa sok dipaké tempat nyeuseuh ku Indung kuring. Tempat nu baheula sok dipaké nyeuseuh téh ayeuna mah geus jadi ruang tamu, nyaan nineung mun nginget-nginget baheula mah. Di tempat nyeuseuh éta téh baheula mah aya bak cai leutik, mun teu salah ukurana 60 ka 90cm. Gigireun bak aya kompa cai, témpat nyeuseuh éta gé baheula mah teu dituruban, teu maké kenténg teu make asbés. Jadi mun hujan téh sok rada cérét ka hareupeun kamar. Da hareupeun kamar téh aya jajalaneun leutik, baheula sok dipaké ngariung, saur jeung kulawarga palebah sasih shaum. Mun geus balik sakola, nepi imah gé sok tara loba nyarita, kuring sok langsung nyoro ka dapur nyiar sangu, ari geus wareg mah sok der ulin deui kaluar jeung barudak.