Inget harita basa jaman olol lého, jaman tikotok dilebuan téa. Mun geus waktuna balik sakola, kuring mah sok tara loba kamamana, unggal-unggal gé sok langsung balik ka imah. Sakapeung mah balik ti sakola téh sok bari ngagugusur bal, pédah wéh kuring mah unggal isuk saacan asup kelas téh sok mengbal heula jeung barudak di lapang sakola anu sakurilingna pinuh ku tangkal bougenvile. Kabayang deui imah kuring nu baheula, sekat kamar gé lain ku témbok, tapi make harbot. Kamar cai téh baheula mah aya di hareup deukeut buruan, hareupeun kamar cai aya lahan saeutik biasa sok dipaké tempat nyeuseuh ku Indung kuring. Tempat nu baheula sok dipaké nyeuseuh téh ayeuna mah geus jadi ruang tamu, nyaan nineung mun nginget-nginget baheula mah. Di tempat nyeuseuh éta téh baheula mah aya bak cai leutik, mun teu salah ukurana 60 ka 90cm. Gigireun bak aya kompa cai, témpat nyeuseuh éta gé baheula mah teu dituruban, teu maké kenténg teu make asbés. Jadi mun hujan téh sok rada cérét ka hareupeun kamar. Da hareupeun kamar téh aya jajalaneun leutik, baheula sok dipaké ngariung, saur jeung kulawarga palebah sasih shaum. Mun geus balik sakola, nepi imah gé sok tara loba nyarita, kuring sok langsung nyoro ka dapur nyiar sangu, ari geus wareg mah sok der ulin deui kaluar jeung barudak.
Lamun keur peré sakola, biasana barudak sok ulin ka kebon hareupeun SMA 15. Ayeuna mah kebon éta téh geus jadi tempat parkir mobil, kebon na gé kari saeutik, boa-boa sabaraha taun kahareup mah éta kebon téh bakal leungit. Baheula di kebon éta téh barudak sok ngala orong-orong, silih gabrug mun nempo aya orong-orong ngaliwat hareupeun panon téh. Mun geus meunang, orong-orongna sok diasupkeun kana palastik, nepi ka imah mah biasana éta orong-orong téh sok di ojaykeun bari sarurak. Balikna sok nyimpang heula ka teun Atang Hileud anu ternak hileud hongkong jang parab manuk téa, ditukang imahna aya kandang domba, nepi ka ayeuna gé domba na aya kénéh. Nyaan inget pisan ka domba Atang Hileud (kapeung mah barudak sok nyebutna téh Atang Bakro, teuing pédah naon?) ngaran domba na téh Si Semar, domba na jangkung badag, tandukna gé hadé, ceuk béja mah domba éta téh baheula mah mun diadukeun sok meunangan waé, matak heueuh wéh meureun pédah éta Atang Hileud katempo nyaah ka Si Semar téh.
Picture
Biasana barudak mah tara unggal poé ngala orong-orong téh, mun kamarina geus ngala orong-orong sok hayoh ngalabring ngala keuyeup di susukan hareupeun lapang tenis. Mun teu ngala keuyeup mah sok ngala tiwu atawa ngala kersen deukeut béngkél patung Nyoman Nuarta, tuluy balikna sok ralumpatan ka Curug Aléh. Ayeuna mah Curug Aléh téh caina rada kotor teu kawas baheula, tina saminggu téh barudak mah pasti ulin kadinya, ngadon garuyang nyo’o cai bari hareureuy. Kolot mah sok ngaromong yén Curug Aleh téh pinuh ku jurig, teuing ukur carita teuing heueuh bener. Da cenah mah didinya téh aya Keraton Goib nu teu bisa ditempo ku jelema biasa, tapi da euy saumur-umur kuring ulin di Curug Aléh jeung barudak mah tara manggih nu anéh-anéh, paling gé manggihan oray cai anu kungsi macok leungeun Si Gerhan basa keur moyan dina batu. Wallahu A’lam. Hanjakal pisan ayeuna mah rék asup ka Curug Aléh téh hésé, da jalan tihareup deukeut lapang tenis nu ayeuna geus jadi TK/SD Al-Azhar geus dibangun imah, jadi geus euweuh jalan asup ka Curug Aléh. Paling gé mun rék ka Curug Aléh téh kudu ngaliwat ka bengkél patungna Nyoman Nuarta, jeung kudu ménta ijin heula.

Nyaan resep euy ulin jaman baheula mah, komo di Sarijadi, da ceuk kolot gé kuring mah ti barang borojol kénéh gé geus cicing di Sarijadi. Matak teuing kunaon kuring mah betah jeung resep pisan hirup di Sarijadi téh, mun bisa mah nepi ka maot gé kuring mah hayang cicing di Sarijadi. Ukur hiji kalakuan barudak baheula nu moal nepi ka poho mah, “teu kaop manggih tangkal bungbuahan sok tara loba nyarita, rék  tangkal buah naon waé gé pasti ditérékélan ku barudak mah, bari jeung kapeung sok tara bébéja heula kanu boga tangkalna!”

Matak kaulinan budak baheula jeung kiwari mah asa jauh pisan bédana. Ucing sumput, maén kaléci, maén langlayangan, moro keuyeup, moro orong-orong, moro hap-hap, nérékélan tangkal buah, ngojay di walungan, jeung nu sajabana. Ari kaulinan barudak ayeuna naon? Maén PS? Game Online? Dipikir-pikir barudak ayeuna  mah kabisana téh ukur méakeun duit kolot. Pan apal meureun loba kaulinan baheula nu teu éléh ramé jeung resepna mun kudu dibandingkeun jeung kaulinan jaman kiwari téh. Jaba kaulinan baheula mah teu kudu maké duit. Enya ogé jaman geus béda, tapi kaulinan jeung kabudayaan sorangan mah ulah diantep, ulah nepi ka dipohokeun. Ulah nepi ka hiji waktu kaulinan baheula téh ukur jadi dongéng hungkul!

Kuring Yakin, Yén Urang Sunda Moal Paéh Ku Jaman.
Hurip Sunda! Hirup Sunda!


 


Comments




Leave a Reply